Social Icons

Selasa, 17 April 2018

Mikanyaah budak sorangan

Hampura bageur, lain bapak tega ka hideup. 

Lain bapak teu nyaah ka anjeun. 

Bapak oge hayang cicing di kota jiga batur, jiga baheula pas mimiti anjeun brol ka alam dunnya. 

Tapi da gening, angger cicing di kota teh lain kalahkah atoh keur bapak mah, nu aya kalah bingung ku kaayaan diri. 

Mending keneh cicing di lembur jiga kieu, bapak nyaba anjeun aya keneh nu ngajaga, indung indit anjeun aya keneh nu mere duit.

Beda basa cicing di kota, bingung pakukumaha, nu aya anjeun ka talantarkeun teu pararuguh. 

Hampura bapak teu jiga bapak baturan hideup, anu saban waktu ngajak budakna mamangkatan ka luar lembur.

Da gening angger batur oge aya pangabutuh mah sok nganjang ka bapak.

Hirup mah mending di lembur we, deket jeung batur deket jeung dulur.

Ulah hariwang ku kaayaan batur, boa batur ge hayangna mah jiga urang hirup teh.

Hampura bapak, lain bapak embung nyakolakeun hideup ka sakola anu bonafit jiga batur sabaya anjeun, da gening angger bapak ge kudu ngukur kana pangala. 

Matak kasep, sing narima kana kaayaan ayeuna, sing yakin ieu nu jaga bakal jadi pangala anjeun, Da gening bapak ge sakola luhur mah, pangala keur hirup mah menang guguru tinu jadi aki hideup. 

Matak engke jaga, sing nyaah ka kulawarga, lain saukur ka indung bapak hungkul, tapi ka aki nini tur dulur baraya nu lianna. 

Ulah sok mindeung teuing tanggah nempo batur nu luhur, kitu dei ulah sok mindeung tungkul nempo batur nu teu sabaraha tibatan urang, urang mah sing loba syukuran we ka gusti ku hirup urang anu ayeuna. 

Sok bageur, sing atoh babarengan jeung bapak ayeuna, memeh engke hideup lumampah jauh mapayan dunnya. 

Da anjeun tutuluy getih bapak, nu engke jaga bakal ngaulaan kulawarga, adi-adi hideup bakal nyonto ka anjeun, matak lumampah sing hade, nyarita ulah matak jadi codeka, boga elmu sing jadi mangfaat keur masyarakat.

Sok bageur nya, 
Sakali dei, hampura bapak

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Blogger Templates